makalah basa sunda Rupa-rupi kasenian ti Jawa Barat

  Rupa-rupi kasenian ti Jawa Barat

 

Rupa-rupi kasenian ti Jawa Barat

 

Kecap Panganteur

Puji sareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Allah SWT, barkat rahmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabereskeun ieu makalah.
Panyajian dina ieu makalah anu ngange judul makalah basa sunda  Rupa-rupi kasenian ti Jawa Barat.Saleresna makalah ieu pasti wae aya kakirangan anu teu disadari ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca nyuhunkeun kritikan sareng saran ti Ibu Guru mata pelajaran pikeun nyampurnakeun ieu makalah pikahareupeun. Oge simkuring saparankanca ngaharepkeun ieu makalah teh tiasa manfaat kanggo ngembangkeun pangawanoh para siswa.
Ibun, Januari 2015


                                            Penulis

Bab I

Bubuka

A.Kasa Tukang
    Kasa tukang penulisan rupa rupi kasenian ti Jawa Barat , sim kuring hoyong ngajentrekeun bahwa kaendahan alam budaya jeung sagala rupa rupi na anu aya di Jawa Barat teh mangrupi warisan ti leluhur arurang , jadi simkuring hoyong ngahirupkeun deui kabudayaan-kabudayaan di Jawa Barat. Ulah nepikeun budaya anu aya di Indonesia khususna Jawa Barat kaelehkeun ku budaya asing , boh geningan ayeuna mah jelema teh mending milih budaya asing , jelema ayeuna mah ku modernisasi , jarang da simkuring ninggali jalma anu ngagunakeun kendang,kacapi,suling, angklung,karinding jeung sajabina. Jalma mending maenkeun alat musik nu modern di banding alat musik tradisional.   


B.Tujuan
    Tujuan penulisan makalah rupa-rupi kasenian ti Jawa Barat , simkuring hoyong masyarakat Indonesia khususna Jawa Barat , tiasa ngagunakeun alat tradisional , ti daerahna masing-masing , jeung nyasadarkeun bahwa budaya Indonesia henteu eleh saing jeung bangsa , sarta ngajelaskeun , conto-conto, fungsi,kaendahan budaya Indonesia khususna Jawa Barat , ulah nepikeun Indonesia kaelehkeun ku budaya asing , geningan ayeuna mah lolobana jalma teh mending milih budaya kusabab ayeuna mah jalma teh kabawakeun ku perubahan sosial budaya , bae milih budaya asing ge asal tong ngalupakeun budaya Indonesia sakitu tujuan penulisan rupa rupi kasenian ti Jawa Barat.

Bab II
Rupa-rupi Kasenian ti Jawa Barat

A.    Angklung
    Angklung nyaeta alat musik tradisional nu dijieun dina bambu , nyaeta ruas bambu atawa leuwih dina ukuran nu beda di susun jeung bambu nu lain jang panyangga.
    Cara maenkeun angklung nyaeta digoyangkeun. Alat musik angklung asalna di tanah sunda (Jawa Barat). Laras nada musik angklung lolobana nyaeta salendro jeung pelog.
    Aya baraha hiji jenis angklung diantarana :
  1. Angklung Geneskes (Baday)
  2. Angklung dog-dog lajar
  3. Angklung gubrag
    Saenggeus November 2010 , angklung angges terdaftar jadi karya agung warisan budaya lisan jeung membendawi jelema.
    Alat musik tradisional asal Indonesia boga makna nu saling kuat.Sehingga loba sakola asal Indonesia ieu teh salah sahiji aspek anu henteu eleh dina angklung nyaeta aspek anu langkung popular di Jawa Barat.

B.Karinding
    Karinding nyaeta alat tradisional nu mangrupakeun alat musik. Karinding dijieun tina awi sareng tiasa nganggo pelapah aren . Karinding awal mula namah sanes di angge jang tatabenan, tapi dianggo jang ngusir hama di sawah. Karinding umumna berukuran : panjang 10cm jeung lebar  2cm tapi ukuran ieu teu berlaku mutlak sakumaha ngajieunana. Karinding awalna mah teu seer anu terang ngan aya saetikna nu terang tapi ayeuna mah karinding  teh  tos di kenal ku masyarakat Jawa Barat. Lantaran alat musik modern tiasa ngangge gitar ,DJ,sareng sajabina.

 Awalna di kolaborasikeunna teh ku karinding attack , nu di vokalis ku kang MAN , vokalisna band Jasad. Jadi karinding tos terkenal ayeuna mah khususnamah anak muda tos seer ayeuna mah komunitas-komunitas karinding . Nu teu terang karinding mah teu gaul tong isin terang alat musik tradisional, nu kudu isin mah teu terang budaya khas sunda. Karinding ayeunamah tos di tampilkeun di TV swasta nasional Indonesia.
   
C.Pencak Silat
Pencak silat nyaeta kasenian tradisional anu turun menurun, anu di tanam keun di daerah sunda. Termasuk di daerah Jawa Barat geus kasebar anu ngaraha pencak silat termasuk di daerah Bandung geus di bagi-bagi  grup-grup na sapertos Gajah Mada , Macan Putih , Merpati Putih , Cimande, jeung Margaluyu .
Unggal daerah pencak silat pasti make alat tradisional saperti : Gendang , Trompet , jeung goong .
Unggal dihiji daerah pasti sok nabeuh pemncak silat . Komo di Bandung mah sok aya nu nabeuh pencak silat.

Bab III
Panutup

A.Kacindekkan
    Janteun rupa-rupi kasenian ti Jawa Barat teh kedah leuwih di lestarikeun ku margi eta the warisan ti leluhur urang.
 Kasenian ti Jawa barat ayeuna mah ges popular kamana-mana nepi ka luar negeri , ku margi kitu urang kudu bangga ngagaduhan kasenian nu teu di gaduhan ku daerah lainna
 

Unknown

Phasellus facilisis convallis metus, ut imperdiet augue auctor nec. Duis at velit id augue lobortis porta. Sed varius, enim accumsan aliquam tincidunt, tortor urna vulputate quam, eget finibus urna est in augue.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar